Tampilkan postingan dengan label contoh biantara. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label contoh biantara. Tampilkan semua postingan

NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA

Diposting oleh Alfianto Nandya Prakoso on Sabtu, 13 Agustus 2011

Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh ”
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ’45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.
Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.
Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.
Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda.
Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti kana basa sunda.
Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.
Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.
Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.
Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.
Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.
Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.
Read More

Conto Biantara Basa Sunda

Diposting oleh Alfianto Nandya Prakoso

             BABAD SINGKAT SUKAMULYA-KUNINGAN JAWA BARAT

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.
Dina danget ieu sim kuring bade ngadadarkeun babad singkat Sukamulya.
Sateuacana taun 1740, Cipanas mangrupikeun Cantilan ti dayeuh Cigadung. Cipanas anu mangrupukeun Cantilan ti Cigadung ngagaduhan kahayang nyaeta ngatur pamarentahan sorangan. Alesanana elmu-elmu anu dipiboga ku tokoh-tokoh masyarakat di dayeuh Cigadung sarua jeung anu dipiboga di daerah Cantilan.
Dina hiji waktu aya hiji kajadian :
- Di dayeuh Cigadung aya acara hajatan, di antarana tokoh eta ngundang ka tokoh-tokoh Cantilan. Kusabab datangna telat dahareun anu dihidangkeun kanggo para tamu ti Cantilan robdah wujudna janten sadaya aratah deui, ku tina saktina tokoh dayeuh Cigadung. Bakakak hayam jago robah jadi hirup deui nepi bisa kongkorongok deui, komo deui dahareun anu sejena tina sayuran jadi aratah deui.
- Masih nuju hajatan di dayeuh Cigadung, tokoh-tokoh ti Cantilan ngahadiran. Ngahadirana teh mawa lisung kaahengan anu teu asup akal. Kaahengan eta lisung teh bisa leumpang sorangan diiringkeun ku tokoh-tokoh nu bade ngahadiran hajatan, eta lisung teh haluna di aradu nepikeun katingburicak ngaluarkeun seuneu. Atuh di pasamoan teh mani ribut tingkoceak sarieuneun kahuruan.
Tah kitu geuning kabisa karuhun baheula mah araheng.
- Sabalikna di Cantilan aya hajatan. Tokoh anu ti dayeuh di undang oge. Bewara undangan nepi ka 3 kali tacan datang keneh bae. Kusabab urang Cantilan keuheuleun di undang teu datang bae, urang Cantilan teh ngutus deui salah saurang tokoh, kakara maranehna daratang.
Kusabab asa dihina, tokoh masyarakat Cantilan hayang nembongkeun elmu anu dipibogana. Waktos tamu masih diperjalanan keneh, pribumi meuncit munding. Waktos undangan daratang munding teh keur disisit, para tamu dipiwarang caralik heula dibalandongan. Nembe oge para tamu caralik dadak sakala eta munding teh hirup deui, terus ngubrak-ngabrik tamu anu nuju caralik. Geus pasti nimbulkeun kaributan jeung papaseaan. Nu ngakibatkeun eta kampung jadi panas. Ti harita kampung eta katelah jadi kampung Cipanas.
Saur para karuhun baheula, di dayeuh Cantilan aya sumber cai panas, tapi dugi ka ayeuna teu acan kapendak. Nu aya di hulu dayeuh Cigadung teh ngarana bae Cipanas, Cantilan anu karamat nepi ka ayeuna di ngaranan “Rama Ketib”. Lamun aya budak bade disunat sok dipake ngembang, jeung aya batu nu sok di pake tatapa atawa tempat karumpulna tokoh-tokoh masyarakat.
Dina tahun 1980 Cipanas digentos namina janten “Sukamulya”.
Sakitu manawi dongeng babad Sukamulya. Hapunten tina sagala kakiranganna. Hatur nuhun tina sagala perhatosanana, mudah-mudahan ieu carita teh malaraya mangtratna kanggo urang sadaya. Amin Ya Robal Alamin.

Billahi Taufiq Walhidayah Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.
Read More